Kaitan Naskah Sunda Kuna Jeung Carita Pantun Bogor


Carita Pantun Bogor Curug Sipada Weruh, ngisahkeun eksistensi Sindangbarang  di jamana pamarentahan Rakean Darmasiksa atawa Prabu Wisnu Barata anu nahta  di  Pakuan ti taun 1175 nepi ka taun 1297
Prabu Dharmasiksa Atawa Prabu Sanghyang Wisnu minangka Raja Karajaan Sunda - Galuh ngahiji kukituna Rajana disebut Maharaja,  anu ngagantikeun Prabu Dharmakusuma ,  Bapana sorangan
Di  masa pamarentahan  Prabu Wisnu Barata ,  agama Jatisunda hirup subur  nepi ka junun  dituliskeuna tilu kitab suci agama Sunda anu disebut Sambada, Sambawa Jeung Winasa , eusina  800 ayat. Saperti anu diikisahkeun Dina carita pantun Bogor  Curug Sipadaweruh :
"ikukuhan Agama Sunda dituliskeun dina Layang Sambawa, Sambada, Winasa, dituliskeun ku Parabu Wisnu Barata. Nya inyana anu tukang tapa
ti ngogora. Nyainyana anu sanyeunyana ngagalurkeun jadi kabehan pada ngarti agama anu kiwari disebut Agama Sunda Pajajaran tea. …”
Dina masa Pamarentahana,  Rakean Darmasiksa marentahkeun dijieuna  undakan-undakan suci di Sindangbarang.
Saperti anu karekam dina carita pantun Ki Kamal :

"Ulah Sindangbarang geusan tata pangkat diganti deui, Sang Pamanah Sang Darmajati, tanah lemah tutup bumi , tutup buana dat mulusna….”

Anjeuna mangrupakeun inohong anu netepkeun dasar-dasar Pandangan Hirup/Visi ajaran hirup anu diseratkeun  mangrupa peupejeuh/nasehat anu ngabentuk Naskah Gebang anu  Kiwari dikawanoh salaku naskah Amanat Galunggung, disebut oge salaku Naskah Ciburuy ( Kropak No.632,) anu lobana 6 lambar , eusina   12 kaca; ngagunakeun aksara Jeung basa Sunda Kuno.

Dina naskah Amanat  Galunggung anu biasa disebut  Amanat Prabu Guru Darmasiksa    kasiratkeun  naon wae visi hirup anu kudu dijadikeun cekelan masyarakat salaku citra jatidiri masyarakat  Sunda.
Eusina sacara ringkes di antarana :

Amanat anu sifatna etika  negatif (non etis) ditandaan ku kecap panafsiran  “ulah”

Amanat anu etika   positif (etis) ditandaan ku kecap imperatif “kudu”

Kukituna Aya kasasuaian antara Eusi di sababaraha pantun Bogor , Naskah Carita ParahyanganJeung Naskah Ciburuy (  kropak 632 )
Saperti anu di Caturkeun Dina Carita Parahyangan yen  Prabu Dharmasiksa ngadegkeun panti pendidikan Jeung sababaraha kabuyutan (Kamandalaan) dijeuna tempat suci ieu   pikeun tiap golongan, boh  para sesepuh (sang rama), para pendeta (sang resi), Para Raja ( Ratu )  dukun (sang disri), para biksu (sang wiku), pawang rakit (sang tarahan), oge para leluhur (parahiyangan). Hal ieu nyingcirikeun yen geus kajadian samacam sinkretisasi (Campuran/pembauran ) dina hal kawijakan Prabu Dharmasiksa kulantaran geus meunang arahan ti para wiku anu ngamalkeun kaaslian JatiSunda, nyekel pageuh ka  ajaran Sanghiyang , ku ngajalankeun aturan agama (ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuhan Sanghyang Dharma, ngawakan Sanghyang Siksa)

Saperti anu kasebutkeun dina Carita Pantun Bogor Tunggul Kawung Bijil Sirung   ngaindikasikeun Yen Sindang barang dikategorikeun “wewengkon suci” malah dianggap salaku  panangtayungan Dunya jeung pangayom ti sagala kasampurnaan
Kasebutkeun oge panata kasuciana ngarana Sang Darma Jati.
Rakean Darmasiksa digantikeun ku alona Prabu Kalang Carita atawa disebut oge  Prabu Ragasuci.

Di masa Pamarentahan Prabu Raga Suci anjeuna  marentahkeun dijieuna Punden Agung di wewengkon Sindangbarang.
Dina Carita Pantun Bogor Tunggul Kawung Bijil Sirung kacaritakeun  :

Prabu Kalang Carita, nyieun Pamujan Agung di Mumunggang Giri Dwi Munda Mandala, Sajajaran jeung Taman, Disebutna Mandala Sanghyang Parakan Jati, Satonggoheun Talaga Sanghyang Tampian Dalem nyela bumi ti Kuta Babaton.”

Numutkeun Sumber Sejarah  Galuh
Prabu Ragasuci (1297 – 1303M) Disebut oge  Rahyang Saunggalah anu dipusarakan di Taman ( Sang lumahing Ng Taman )  Ciamis.

Lwih lwangan, kurang tinabeuhan
Tabe pun


Komentar