Kaitan Naskah Sunda Kuna Jeung Carita Pantun Bogor
Carita Pantun Bogor Curug Sipada Weruh , ngisahkeun eksistensi Sindangbarang di jamana pamarentahan Rakean Darmasiksa atawa Prabu Wisnu Barata anu nahta di Pakuan ti taun 1175 nepi ka taun 1297 Prabu Dharmasiksa Atawa Prabu Sanghyang Wisnu minangka Raja Karajaan Sunda - Galuh ngahiji kukituna Rajana disebut Maharaja, anu ngagantikeun Prabu Dharmakusuma , Bapana sorangan Di masa pamarentahan Prabu Wisnu Barata , agama Jatisunda hirup subur nepi ka junun dituliskeuna tilu kitab suci agama Sunda anu disebut Sambada, Sambawa Jeung Winasa , eusina 800 ayat. Saperti anu diikisahkeun Dina carita pantun Bogor Curug Sipadaweruh : "ikukuhan Agama Sunda dituliskeun dina Layang Sambawa, Sambada, Winasa, dituliskeun ku Parabu Wisnu Barata. Nya inyana anu tukang tapa ti ngogora. Nyainyana anu sanyeunyana ngagalurkeun jadi kabehan pada ngarti agama anu kiwari disebut Agama Sunda Pajajaran tea. …” Dina ma...